Ngaran Kadaharan Urang Sunda
pada Minggu, 27 Maret 2011Masih emut keneh urang sadaya kana sabangsaning ngaran-ngaran kadaharan Sunda bareto? Hayu urang tataan sakadugana, pami ti antara nu mireuues ka Sunda nu urang gaduh ngaran kadaharan Sunda nu sanes, urang guar di dideu.
Anu Bahanna Beas
- Bacang
- Nyaeta kadaharan sabangsa leupeut, dijieunna tina beas beunang ngagigihan, biasana make jeroan mangrupa daging ragot (daging jeung sayuran), dibungkus ku daun awi atawa daun hanjuang.
- Bongko
- Nyaeta lontong gede kadang nepi ka sagede songo bitis, atawa bisa wae disebut lontong anu gepeng, malah digepokeun, sagepokna dua patangkod-tangkod, siga nu aya di tukang soto atawa tukang kupat tahu.
- Bubur beureum
- Bubur anu djieunna tina beas dicampur gula beureum jeung cipati, biasana sok aya dina acara salametan (sukuran) mere ngaran budak. Kade lain hartina musyrik!
- Kadaharan tina beas nu diolah digodog ku cai atawa cipati nepi ka meh ancur.
- Buras (uras)
- Kadaharan tina beas nu digigihkeun heula, sok dikalapaan atawa dicipatian, dibungkus ku daun cau dibuleudkeun siga lontong nga parondok sagede cau raja siem, tungtung daunna ditilepkeun tuluy diseupan.
- Kupat
- Kadaharan anu bahanna tina beas meunang ngisikan, diwadahan kana daun kalapa meunang nganyam ngawangun pasagi opat, diolahna dikulub.
- Leupeut
- Kadaharan nu dijieun tina beas cere atawa ketan di bungkus ku daun cau atawa daun kalapa (leupeut ketan), tungtung daunna ditilepkeun, bungkusna rada dibakutet ku tali awi, sok aya nu dikacangan, ngagodogna alusna make cai apu.
- Lontong
- Kadaharan sabangsa leupeut, bahanna tina beas digigihkeun, ditutuan ngarah lemes, diuyahan saeutik, dibungkus ku daun cau sagede-gede cau ambon, unggal tungtung dipageuhan ku seumat (biting), ngasakanna dikulub.
- Loganda
- Sabangsa lontong (di daerah Subang).
- Tangtang angin
- Kadaharan sarupa leupeut juru-tilu dibungkus ku daun tamiang.
Anu bahanna tina Tipung Beas
- Ali agrem
- Kueh cingcin, kadaharan tina tipung beas, kalapa parud sangray, uyah, gula bodas, gula beureum, cai jeung minyak.
- Apem
- Kueh mangkok, kadaharan tina tipung beas dicampur tipung sagu jeung cipati, ari bahan biangna tina ragi instan, cai jeung tipung beas, bahan siropna tina gula bodas jeung cai kalapa ngora.
- Awug
- Kadaharan tina tipung beas, diseupan, rek digulaan atawa moal, biasana sok dipurulukan parudan kalapa.
- Bibika
- Kadaharan anu dijieun tina adonan tipung sagu tapioka, gula bodas, koneng, endog, vanili, cipati kentel, daun pandan, kulit jeruk purut, jeung minyak goreng, atawa pawarna koneng, bibika disebut oge bika ambon.
- Bubur lemu
- Kadaharan nu dijieunna tina tipung beas, diolahna aya nu sok dicampur cipati jeung gula beureum.
- Burayot
- Kadaharan anu rasana amis, dijieun tina tipung ketan atawa beas dicampur gula beureum jeung cipati, ngasakanna digoreng, bagian luarna garing jerona rada hipu.
- Cipuk
- Kurupuk atah dicampuran ku aci tuluy dicaian, wangunna kotak, dipoe nepi ka garing, ngasakanna di goreng.
- Cuhcur
- Dijieun tina tipung beas dicampur santen gula kawung, wangunna buleud, tengahna rada munu’u, ngasakanna digoreng, cuhcur sabangsaning kueh nu rasana amis.
- Jojongkong
- Kadaharan tina tipung beas dicampur gula beureum dicampur kalapa ngora meunang ngerok, dipincuk ku dau cau, ngasakanna di seupan.
- Laksa
- Kadaharan tina bihun dicampur ku angeun koneng, dicampuran ku oncom jeung surawung.
- Nagasari
- Sarupaning kadaharan nu rasana amis dijieun tina tipung beas (tarigu) dicampur gula bodas, ditengahna make cau, ngasakannna diseupan.
- Pais bakatul
- Pais bubuk kulit ari (kulumud) beas panutuan, ngasakanna dipais dina lebu atawa diseupan.
- Semprong
- Ngaran kueh sabangsa simping anu digulungkeun siga songsong leutik.
- Sorabi (surabi)
- Kadaharan nu djieunn tina tipung jeung cipati, ngasakanna dina citakan surabi nu dijieun tina gagarabah. (Surabi amis mah dipurulukan gula atawa ditinyuh ku kinca, mun surabi lada dipurulukan sambel oncom).
Anu Bahanna tina Beas Ketan atwa Tipung Ketan
- Angleng
- Kadaharan sarupa wajit tina tipung ketan, dibungkus ku upih atawa kararas.
- Borondong enten
- Kadaharan amis-amis nu dijieun tina bangsalketan meunang nyangray dicampur enten (gula jeung parud kalapa).
- Bugis
- Sabangsa amis-amis tina ketan (tipung ketan dieusian enten), dibungkus ku daun cau sahuapeun-sahuapeun, ngolahanna diseupan.
- Dodol
- Kadaharan nu dijieun tina ketan dicampur cipati, digodog nepi ka liket, diwangunna dikeureutan atawa diemple-emple dumasar kahayang.
- Gemblong
- Kadaharan nu dijieun tina adonan tipung ketan bodas atawa ketan hideung beunang ngagoreng, dibalur ku kinca gula beureum atawa gula bodas.
- Jalabria
- Kadaharan anu rasana amis, wangunna buleud siga ali agrem, dijieun tina tipung ketan hideung, ngaskanna digoreng, meunang ngagoreng diasupkeun kana kinca gula bodas.
Wah….lapar yeuh 😀 sigana moal ka asupkeun kabeh ngaran kadaharan urang sunda teh, margi kitu wayahna sakadar nataan ngaran kadaharanna engke nyusul hartina di antarana : jiwel, kelepon, kikipik, koci, kolontong, lemper, lempog, onde-onde, opak, peuyeum ketan, rangginang, sasagon, tengteng, ulen, wajit, ancemon, cireng, comro, gaplek, gegetuk, katimus, kicimpring, kiripik, misro, onggol-onggol, peuyeum, putri noong, borondong garing, candil keremes, bolu, dadar gulung, donat, kueh semprit, bajigur , bangrek, cendol, cingcaw, goyobod, lahang, sakoteng, wah…..beuki lapar weh 😀 can kadaharan model gehu, bala-bala, pisgor, sambel, timbel, lotek, karedok, kerewedan jeung nulianna. Wayahna pamiarsa sadaya cag heula sakieu….aya waktos urang tataan deui sarupaning kadaharan urang sunda nu sakitu euyeubna, dina harti euyeub ku ngaran jeung nyampakna eta kadaharan. Cag…!
Cutatan: saha deui mun lain urang nu miara jeung nerapkeun sunda budaya jeung tradisina.